Daftar Blog Saya

Senin, 04 Februari 2013

Munggaran Arek Ngumbara


“Enjing rupina abdi bade ka Tangerang, teh, Ma.” Kuring ngamimitian cumarita ka nu jadi indung. Sabenerna mah opat poe ka tukang kuring narima berita katarima  gawe teh. Nya ditempatkeun na di Tangerang. Rek nyarita ka nu jadi kolot the meni beurat ku letah. Pangpangna mah ka Ema, da ka bapa mah asa leuwih gampang.

Beurat teh lain ku nanaon. Sok asa teu kuat lamun ningali Ema ngeclakeun cisoca. Da Ema, mah, kitu geuning, teu kaop aya kasedih sok tuluy carinakdak laju ngeclakeun cisosa. Ari kuring nya kitu tea, enya ge pangawak lalaki, lamun ninggali Ema sedih dibarung nangis teh sok kabawakeun sedih. Nu antukna ngilu ceurik.

Ema nu nuju ngilikan tutuwuhan di kebon nu sacangkewok kuloneun imah, teh ngareret ka kuring, teras nyarios semu nu kaget, “Haar, jadi Jang ka Tangerang teh?”

Saleresna mah Ema teu kedah kaget sabab Ema tos terang yen kuring teh aya kamungkinan ka Tangerang sabab kuring tos tos nyarios ka anjeuna, yen kuring siganamah rek ditempatkeun di Tangerang. Rupina mah anjeuna beurat ngaleupaskeun kuring ingkah ti lembur teh. Mun bisa mah meureun anjeuna hoyong kuring gawe teh di bandung we ngarah bisa didugdag ti Cimahi.

“Muhun, ma. Da geuning di bandung mah hese milarian damel, teh. Padahal abdi atos ngirim lamaran teu sakakedik. Mung teu aya nu nyanggut.”, Walon kuring bari leungeun katuhu ngaragamang kana tak-tak tengen Ema, aru sirah kuring diantelkeun kana tak-tak kiwa Ema.

Enya oge Tangerang teh teu pati jauh ti Cimahi atawa Bandung, tapi ieu mah pan lain lalakon nganjang sapoe dua poe, jeung lamun geus dumuk gawe diditu, moal bisa bulak balik ka bandung saminggu sakali. Dina onjoyna oge paling sabulan atawa dua bulan sakali.

Teu siga ayeuna naek mobil ti Bandung ka Jakarta bisa ngan ukur dua jam, paling elat tilu jam. Lamun ka Tangerang paling oge opat jam.  Da harita mah, ahir taun 90-an, can aya jalan tol, mun naek beus ka Jakarta atawa tangerang teh kudu ngaliwatan Puncak atawa  Purwakarta. Kadang kadang kudu muter ka Jonggol. Lamayan, pangpang namah, lamun liwat Jonggol, nepi ka tujuan teh tuur asa lalocotan, jeung bujur deuih asa ngandelan bakating ku lila teuing diuk dina korsi beus.

“Enya atuh jang, mun geus buleud paniatan mah, ku Ema diduakeun sing tinekanan cita-cita ujang. Engke diditu sing bisa mihapekeun maneh. Da di lain lain oge di lembur batur meureun di ditu teh!” ,saur ema bari cumalimba. Panangan na ngusapan sirah kuring. Siga ka budak we, da panginten meusing geus gede oge kanggo Ema mah, kuring teh tetep nu jadi anak.

“Muhun, Ma.”, Ngan sakitu nu kaluar tina biwir kuring. Rewuan kalimah nu rek kaluar teh  teu kebat da tikoro ngadak-ngadak nyelek, eungap.

Sawatara jongjongan Ema teu lemek teu nyarek. Ngan nginghak we nahan piceurikeun. Kitu deui kuring teu nyaho  naon nu kudu dikedalkeun. Teu nyaho naon nu kudu dilakukaeun.

“Diditu teh meureun kudu ngontrak, Jang? Sabarahaeun meureun piduiteun na oge. Eta Ujang aya duitna?”, saur ema  semu nu ngahariwangkeun ka kuring engke lamun geaus di pangumbaraan.

Ema mah sok surti lamun kuring keur suwung duit, teh. Ema sok naros siga kitu. Biasanamah ku kuring sok dijawab yen kuring boga diut sanajan loket geus kosong molongpong oge, tapi ema sok ngartos nyalira sanajan kuring ngomong aya oge sok golosor ngasongkeun duit nu ku kuring dibutuhkeun. Keur nambah nambah, basa na teh.

“Da disayogikeun Emes, Ma, diditu na oge. Malih mah ti Emes ka padamelan teh aya jemputan. Uih na dianteurkeun deuih.”, walon kuring hayang ngareugreugkeun hate nu jadi indung maksud, teh.

Ema narik napas panjang teras nyerangkeun ka jauhna, ka palebah kebon cengkeh lebah kulon bogana urang kota. Gararing tangkal cengkeh teh da teu pati diurus alatan harga cengkeh anu terus nyirorot. Eurih na ngajejembrung, jarocong satangtung budak.

Asa cikeneh basa eta kebon mimiti digawean, diratakeun jang melak cengkeh. Harita kuring karek kelas tilu atawa kelas opat SD. Bareng jeung babaturan sa umuran, aya oge ketah anu geus SMP tapi ulin na teh sok jeung bebenyit wae. Di antarana Kang Hadi anak pa Kandi almarhum jeung si Eno anaknya Bi Emin, Si Eno mah katelah na tek Si Emin Tetel. kuring maen bal dina luhureun jukut anu hejo ngemploh da tas rengse usum hujan harita teh. Asa genah rek aya kebon cengkeh teh, asa disadiakeun pangulinan.

Keur jongjon husu maen bal, ti lebah villa rentang-rentang Mang Jaka nyampeurkeun baru ngajinjing doran pacul butut, terus ngabuburak kuring sa batur-batur. Nu antukna kabeh nu keur maen bal lalumpatan nyalametkeun diri sewang sewangan.

“Ari keur sapopoe kumaha? Acan narima gajih apanan.”,  Ema nyusul tepus bari angger semu nu ngahariwangkeun nu jadi anak bisi teu bisa nyumponan kabutuhan sapopoe.

“Insya Allah, aya Ma. Da honor ngajar les teh sok disimpen sakedik-sakedikeun.” Jawab kuring.

Sanajan enya kuring ngajar les tapi da hasilna teu sabaraha. Tapi sanajan kitu dikeureuyeuh we bari sok pirajeunan nyimpen saperak dua perak mah bisi engke aya pangabutuh.

Ari Ema tara sugan punta penta atawa pirajeunan naroskeun panghasilan kuring. Da ku kitu na mah Ema oge surti panginten pagawean ngajar les mah teu sabaraha hasilna. Lamun kuring tas narima honor ngajar les ku kuring sok ditaros bilih Ema hoyong katuangan, boh martabak, boh roti bakar. Walerna teh, “Entong Ujang, Ema mah teu hayang nanaon. Anggur mah sing bisa ngeureut neundeun jang jaga bisi Ujang butuh .” Estuning boga indung teh tara ngahesekeun nu jadi anak.

Dina hiji waktu mah Ema, bari semu nu asa-asa, nyamperkeun ka kuring teras nyarios kieu, “Susuganan Ujang di Ujang aya. Bisa nginjeum heula Ema?” Padahal jumlah nu bade ditambut ku Ema teh teu sapira ngan ukur puluhan rebu rupia.

“Kaleresan Ema, aya yeuh. Bari na oge entong nambut sagala rupi. Upami Ema nuju peryogi mah anggo we”, walon kuring bari ngasongkeun jumlah duit nu diucapkeun ku Ema.“Cekap sakieu, Ma. Bilih kirang di abdi aya keneh ieu.”

“Cukup, Jang. Da butuh na oge sakieu.”  Waler Ema.

Teu kungsi saminggu ti harita, basa kuring keur maca Koran di tepas, Ema nyampeurkeun bari song ngasongkeun sababaraha lambar duit sapuluh rebuan. Pok na teh, “Yeuh, Ujang. Duit Ujang nu ku Ema dipake tea.”

“Naon ieu teh, Ema?” Walon kuring

“Enya duit ujang nu ku Ema diinjeum tea.’ Saur Ema bari gek calik dina korsi hoe gigireun kuring. Socana norobos jandela bablas kaluareun tepas. Di luar girimis leutik teu eureun eureun ngabasehan dadaunan terus ragrag ngeclak  kana taneuh hideung anu terus jadi kamalir leutik. Saterusna ngalir ka lebah kulon payueneun bumi Uwa Ace, leok ngidul muru bumi Aki Juju, leok deui ka lebah kulon kebat ka gulidagna solokan leutik gigireun sawah Ene Limah.

“Anggo we atuh Ma. Bari na oge abdi mah da teu rumaos nambutkeun.” Kuring nyoba-nyoba sangkan Ema kersa nyandak deui artos anu cikeneh diasongkeun ka kuring.

“Teu hade Ujang nampik rejeki teh. Sok we ku Ujang simpen bisi engke Ujang butuh.” Ema nolak kalayan ku cara anu bijaksana tapi semu maksa.

Eleh deet. Ku kuring duit ditampanan terus disimpen dina meja hareupeun kuring.

“Jam sabaraha isuk rek miang ka Tangerang, teh, jang?” Ema ngagerewahkeun lamunan kuring. Tina juru-juru socana nyurucud mutiara ngagenclang maseuhan raksukanana.

Asa teu wasa rek ngajawab teh. Beurat rek ninggalkeun Ema ka tempat nu rada jauh teh. Sasat kuring mah ti leuleutik tara lunta jauh lila lila. Dina enyana oge nyaba ka jauhna paling ngan sapoe dua poe.

“Enjing-enjing ma, kinten-kinten tabuh tujuh.” Kuring teu burung ngajawab.

“Enya atuh. Ku ema diduakeun sing salamet. Tong poho lamun geus nepi ka Tangerang ngirim surat ka dieu nya!” Waler Ema bari ngeukeuweuk leungeun kuring.

Enya Surat. Jaman harita mah dan acan usum sabangsaning SMS, komo WhatsApp, mah. Dina ayana oge  nu boga hp ngan jelema jegud hungkul. Lamun kelas cacah mah boga HP oge paling hayam pelung. HP harita ukuranana baradag, mun dotenggorkeun ka anjing ge pasti ngagaik terus kapaehan, sedengkeun hargana jutaan. Jaman harita ngan jelema beunghar hungkul nu wanoh jeung jumlah duit anu enol na leuwih ti lima.

Dina onjoyna paling pagawe kantoran jeung sababaraha urang babaturan di kampus baroga PAGER anu ngadaraplok dina beubeurna. Siga na teh asa pang gayana lamun nyandingkeun pager dina beubeur teh. Ari kuring? Teu pager, komo hp mah. Boga duit jang ongkos beus lamun indit ka kampus oge enggeus ngarasa sukur pisan.

Di tahun 1990-an mah, keur komunikasi jarak jauh kalolonbaanana ngan ngandelkeun surat make jasa kantor pos anu nepi na aya itungan poe, kalan-kalan aya kana itungan minggu. Cenah lamun aya berita anu kacida pentingna bisa make telegram. Henteu siga ayeuna HP pabalatak. Tinggal ngitung we sabaraha nguntup hargana, da ti harga saratus rebuan nepi ka puluhan juta oge aya ayeuna mah. Komunikasi jadi cepet jeung murah deuih.

“Insya Allah, Ma. Da sasih September oge abdi bade uih heula. Apanan bade diwisuda tea. Da ka kantor oge atos nyuhungkeun widi.” Jawab teh ngarah Ema teu melang teuing, da dua bulan deui rek balik heula da kuring teh acan diwisuda sanajan geus beres kuliah ge.

Ngong ti masjid sora adan meni ngagalindeng ngajak jalama anu ngaku ngabogaan iman ngahadep seheulaanan ka anu murbeng alam.
 
“Jung geura wudu, Ujang. Geus magrib geuning. Engke tas solat Isya terus istirahat nya, ngarah isuk teu kabeurangan.” Saur Ema bari lalaunan ngalesotkeun pananganana kebat ka sumur bade abdas.

Ba’da solat isya kuring nyarios deui  sareng Bapa katut Ema. Eusi cariosan bapa teu tebih sareng cariosan Ema. Ngan dina nyariosna bapa mah langkung teger, anu tembahna matak ngareugreugkeun kana hate kuring. Aya embohna, Bapa mepelingan sangkan kuring teu mopohokeun solat jeung sabisa-bisa kudu ningkatkeun ibadah. Ema, mah, teu patos nyarios da panginten tos cekap tadi sonten. Dina nyarios na oge sok bari nginghak. Sakali sakali Ema neuteup beungeut kuring siga anu namplokeun ka sono pedah isuk kuring rek ngajugjug tempat anu rada jauh dina waktu anu rada lila. Duka sabaraha lila.

Saatos nyarios sareng Ema katut Bapa, kuring laju ka enggon, terus ngagoledag dina dipan kai  bari neuteup lalangit nu harideung balas ka baseuhan ci hujan anu maksa norobos sela sela kenteng anu ngageser, jeung rangasu hasil gawe lancah anu minuhan juru lalangit. Pitunduheun mah teuing kamana leosna.

Isukan pasosore, kuring bakal aya dina jarak leuwih ti saratus kilometer jauhna ti lembur tempat bali geusan ngajadi.

Ema, Bapa, ku abdi didoakeun sing sehat saditinggalkeunana ku abdi enjing. Entong melang, tong hariwang da abdi oge moal hilap ngalongokan Ema sareng Bapa. Sing tenang, apan masih aya lanceuk-lanceuk anu baris ngarencangan Ema sareng Bapa didieu.

Tangerang… kuring datang.